Kawih-Kawih Mang Koko (Video Live TVRI Bandung Tahun 1982)
Akoer Lah Akoer Lah
109K subscribers
6,069 views
87

 Published On Mar 9, 2021

Taun 1980-an, di TVRI Bandung sok dipidangkeun kawih-kawih Sunda, di antarana kawih-kawih sanggian Mang Koko. Dina video ieu aya tilu kawih, nyaéta :
1. Di Langit Bandung Bulan Keur Mayung (Eson Sonjaya & Ida Rosida)
2. Peuting Jeung Pangharepan (Mamah Dasimah & Didin S. Badjuri)
3. Indung & Kulu-Kulu Kombinasi (Dheniarsyah, Ida Rosida, Tati Roni)
====================
DI LANGIT BANDUNG BULAN KEUR MAYUNG
Lagu : Mang Koko
Rumpaka : Dédi Windyagiri

Jangjang peuting geus ngalingkup
Ngarungkupan dayeuh Bandung
Anu hibar sinar lampu
Panto ati geus narutup
Mipindingan kawih asih
Anu halon tur halimpu

Geus paanggang geuning urang pajauh
Rék kasaha diri nyungkem nyaluuh
Nu disungsi geuning nu ditéangan
Duh ieung teu témbong-témbong
Geuning taya ngiberan

Di lalangit langit Bandung
Ngempur hurung bulan keur mayung
Di lelemah lemah Bandung
Kapidangdung, kapidangdung
Diri ditundung

show more

Share/Embed