Yan Asmi - Kokom | Toroktok Ole-olean Nu Montok Beuki Kurupuk
Yan Asmi D'Bodor Official Channel Yan Asmi D'Bodor Official Channel
1.71K subscribers
34,472 views
169

 Published On Aug 10, 2021

Aduh neng kokom
Mojang nu ti bojong jengkol
Cenah ceuk beja, bujalna dosol
Ah sabodo.. nu penting bahenol

Aduh neng kokom
Akang teh ka bungbulengan
Kulat-kelet, jeung ngiceupan
Deungdeleuen geus ngiceupan ngajebean

Perepet jengkol jajahean
Nu bahenol ngajebean

Seungit mun keur ngobrol
Jiga dina iklan odol
Leumpang gual-geol
Hate teh asa kabedol

Dahar teu mirasa, Da puguh beak sanguna
Sare henteu tibra, bongan di gembrong tumila
Tuur akang noroktok, ningal kokom nu montok
Cinta akang disantok, ku kokom nu denok

Aduh neng kokom
Nu montok tara popoyok
Kacinta akang teas lir tembok
Isukan mah arek di traktir karedok

(toroktok ole-olean nu montok sok ngahadean)

Origial Ciptaan: Yan Asmi

show more

Share/Embed