Super Sibuk - Yan Asmi ft. Aci Padmo (Official Music Video)
Yan Asmi D'Bodor Official Channel Yan Asmi D'Bodor Official Channel
1.71K subscribers
2,983 views
18

 Published On Jun 21, 2021

Aci Padmo:
Di telepon mailbox
di SMS weleh
Na kamana akang teh nyangsang dimana
Indit maghrib balik bedug subuh
Baju kusut, panon layu, bangun tunduh
Inggis si akang ka usap setan
Sabab setan kiwari mah
Harerang jeung malarencrang

Yan Asmi:
Eneng sing percaya
Ulah sok cangcaya
Pan akang teh lain turunan buhaya
Sapepeuting akang milu munas
Beres munas akang diajakan musda
Bubar musda nyambung kana raker
Terus milu saresehan, seminar jeung, semiloka

Aci Padmo:
Duh.. meni kacida
Sibuk teh kabina-bina
Pamajikan di imah dianggap ronda

Yan Asmi:
Bet ngajak pasea
Eneng bangun geus teu cinta
Lamun eneng geus teu cinta
Anterkeun akang ayeuna ka indung bapa
Mumpung urang can barahanan

Original Ciptaan: Yan Asmi

show more

Share/Embed