Syukur jeung bagja - Doel Sumbang (Official music video)
Doel Sumbang Asli Doel Sumbang Asli
411K subscribers
3,337,215 views
0

 Published On Premiered Mar 10, 2022

SYUKUR JEUNG BAGJA
CIPT DOEL SUMBANG
Musik / Vocal : Doel Sumbang
Video Production: DST

Manusa Pangsangsarana
Nu ngarasa Kurang Wae
Najan Hirup Sarwa Aya
Lubak Libuk Harta Banda

Omat Ulah Kajongjonan
Harta Lamun Salah Mawa
Jadi Pangbeubeurat Hisab
Dina Yaumal Qiamah

Manusa nu Pangbengharna
Anu Salawasna Syukur
Ikhlas Jeung Ngarasa Cukup
Najan Mindeng Kakurangan

Pupus Melang Tong Hariwang
Ibadah Bari Ikhtiar
Anu Maha Welas Asih
Moal Reureuh Mikadeudeuh

Miskin Lain Alesan Keur Luh lah
Sugih Lain Alesan Keur Tanggah
Nasib mah Ukur Lalakun
Maju Mundur Kuma Urang
Nasib mah Ukur Lalakun
Hayu Syukur Ulah Kufur

Lain Kabagjaan Nu ngalantarankeun Syukur
Tapi Bisa Syukur Ikhlas Nu Ngalantarankeun Bagja



Tong Hilap , di Like, COMMENT,SUBSCRIBE, dan Share Doel Sumbang Asli
Yaaaa...Nuhun
#doelsumbang #Bandung #garasipasirlayung

Ikuti Doel Sumbang Di Media Sosial :
  / doelsumbang_official  
   / channel  
Copyright 2022 - Doel Sumbang Channel Production

show more

Share/Embed