SAWER PANGANTEN ASLI
Anggi Nesta Official Anggi Nesta Official
4.39K subscribers
151,628 views
0

 Published On Aug 14, 2021

Assalamu'alaikum wilujeng sumping di channel Anggi Nesta Official, channel ilmu pengetahuan dan budaya Sunda. mangga kanu priyogi rumpaka Sawer parantos sayogi dina kolom komentar atanapi tiasa ninggal ti palih dieu.

Rumpaka Sawer Panganten
Kinanti

Nyukcruk galur ti karuhun
Nutur lacak para wali…
Nyambuang ka balarea…
Titinggal ti nini aki
Ngawaris kabudayaan…
Seni Sunda sawer asli…

Neda agung cukup lumur
Neda jembar pangraksaning…
Bilih aya kalepatan…
Wireh ayeuna simkuring
Nyawer anu pangantenan…
Nyanggakeun mugi katampi…

Ku hidep muga diturut
Pepeling ngait na ati…
Pigeusaneun hirup mulya…
Ngarandapan laki rabi
Ngamudina rumah tangga…
Sangkan panggih tingtrim ati…

Ku Euis puputon kalbu
Mugi hidep sing nastiti…
Mapag alam rumah tangga…
Ka panutan sing gumati
Tuturkeun dunya akherat…
Kitu kawajiban istri…

Piwuruk Euis sakitu
Catet dina sanubari…
Kantun ieu pamegetna…
Aduh Asep deudeuh teuing
Ieu piwulang tarima…
Regepkeun ku ati suci…

Asep mimiti diwuruk
Dangukeun ku dua cepil…
Simpen na manah nu jembar…
Ayeuna mah beda deui
Jaman hidep lalagasan…
Teu aya anu meredih…

Ti wanci ieu kapayun
Asep kedah taki-taki…
Nyubadanan kawajiban…
Ngurus ngatur laki rabi
Anu ka dada ka iga…
Geusan Asep hirup mukti…

Saur Rasulullah estu
Rejeki mah tetep muhit…
Kawas arek hirup lana…
Tapina kudu sabanding
Jeung ibadah nu tong pegat…
Sing kawas ajal rek tepi…

Gening nyawer teh sakitu
Mugi panganten sakalih…
Runtut raut sauyunan…
Ka cai jadi saleuwi
Ka darat jadi salebak…
Jauh bala parek rizki…

Amin Ya Rabbal ‘alamin
Mugi Gusti nangtayungan…

Wur-awur beasna di awur…
Wur-awur beasna di awur…
Wur-awur beasna di awur…

show more

Share/Embed