Dongeng Sunda Pedaran Bapa C.Arya Katenga"BABAD KEAN SANTANG"+Arti dongeng Babad & Makna isi cerita
sobat nu baheula sobat nu baheula
50.4K subscribers
267 views
4

 Published On Apr 11, 2024

SAMPURASUN,

Kumaha daramang barudak sadaya dinten ieu bapa bade ngadongeng anu judulna" Kean Santang"

Nah barudak leu dongeng kaasup
dongeng babad atawa sage nyaeta
dongeng anu nyaritakeun perihal
kajadian atawa kisah saurang anu
ngandung unsur sajarah,

saperti jalma anu ngabogaan sipat
kapahlawanan, kawani, atawa ngabogaan
kakuatan anu unggul ti batur.

(merupakan dongeng yang isinya menceritakan tentang suatu kejadian atau kisah seseorang yang mengandung unsur sejarah, seperti seseorang yang memiliki sikap kepahlawanan, keberanian, atau memiliki kekuatan tertentu.)

Kumaha caritana?
KIEU caritana,......

Prabu siliwangi kagungan putra, anu jenenganana "Kean Santang".

Lian ti kasep Kean Santang teh ngabogaan elmu kanuragan anu mpuni anjeunna sohor jawara anu taya tandinganana. Pagaweanana taya deui neang elmu pangaweruh, kawedukan jeung kadugalan. Unggal guru dijugjug, kabeh ajar di uber, dipenta kasaktianana. Hiji mangsa, waktu keur ngalalana, Kean Santang panggih jeung saurang aki- aki anu papakeanaan sarwa bodas, bari teu leupas tina iteuk. Keur leumpang dijajalaneun anu bakal kaliwatan ku manehna. Kean santang: "Cing Aki ka sisi heula atuh, kuring rek ngaliwat!"

Tapi eta aki-aki the teu ngawaro, tetep tonggoy di jajalaneun. Kean Santang nyarita deui "Heh aki nyisi heula, bisi ku kuring kadupak!" Ngomongna rada nafsu jeung ambek.

Aki: " (batuk)Na aya jelma sombong -sombong teuing."

Kean Santang:" Heh Aki, naha anjeun teu wawuh ka kuring?" (Bari nafsu).

Aki:" Nu matak kula mah teu wawuh ka anjeun,ki sanak." Naha saha kitu ki sanak teh?

Kean Santang: "Dasar aki-aki peot, yeuh kuring kuring teh Kean Santang tea, jalma nu sakti mandraguna, jawara nu taya tanding,

taya lawan, nyaho?" (bari mototot) Aki:" Uuleuh-euleuh kutan aya jawara anu sombong jiga kieu, cik lamun enya bener sakti mandraguna mah panyabutkeun ieu iteuk!" Ceuk si Aki bari nanclebkeun iteukna)

Kean Santang seuri:" Ha...ha...ha... iteuk,... iteuk, pilakadar oge nyabut iteuk atu ki? "Kuring pasti bisa. (Ceuk Kean Santang nyobaan nyabut
iteuk, tapi iteuk pageuh pisan teu oget -oget acan)

Kean Santang: "Alah siah geuning pageuh ieu iteuk teh, Ki? (kean Santang nyabut deui iteuk manehna ngaluarkeu kasaktina tapi tetep teu bisa, eta iteuk pageuh teu kacabut. Tina awak Kean Santang kaluar kesang malahan kesang getih kaluar tina sakujur awakna. Tungtungna Kean Santang ampun-ampunan.

"Ampun-ampun Ki,teu kuat kuring, hampura Ki kuring hampura!" bari diuk awakna leuleus satulang sandi.

Si Aki nyarita "Heh Jang Nu matak jadi jalma mah teu meunang asa aing, adigung adiguna asa aing panggagahna.Da di dunya mah euweuh nu sakti, nu sakti mah ukur Gusti ALLAH anu ngabogaan ieu alam jeung sapangeusina. Kabeh jalma mah bakal tepung jeung ajalna."

Kean Santang: "Leres Ki, hapunten, kuring, haputen, kuring sadar, Nu mawi Aki teh saha?ceuk Kean Santang rada leuleuy ayeuna mah nyaritana teh

Aki: "Nya sukur ari geus eling jeung sadar mah jig kaditu teruskeun

lalampahan ulah rek dipiara sipat sombong jeung asa aing teh sok nyilakakeun...!"

(Ceuk sakaol eta aki-aki teh jenenganana Bagenda Ali.

disarungsum ku: Carolus akatenga
#dongengsunda #keansantang

show more

Share/Embed