Ladrak - Beber Layar |Wanda Degung |Kacapi Suling
Kang Yusdiana Official Kang Yusdiana Official
6.51K subscribers
38,154 views
195

 Published On Oct 26, 2021

Degung Ladrak

Gunung -gunung ngabaris nguriling
lir ayang -ayangan
Ngujur ti kalér ka wetan
Mangrupa benteng nu teguh
Ti bihari tug dugi ka kiwari
henteu aya barobahna

Nyorang pirang-pirang geus rebuan
Taun milu nyaksi gunta ganti
Gonta-ganti robah zaman
Milu nyaksi keur alam anu bihari
Gelar karajaan Sunda
Pajajaran nu kasohor
Linggihna maha prabu nu raspati Siliwangi
Dayeuhna Galuh Pakuan

Beber Layar

Matak waas titinggalan
Plung plong taya aling-aling
Nyawang sakuriling bungking
Sagara ombak -ombakan
Katojo ku Cahya bulan
Ombakna umpal-umpalan
Katingal ti kaanggangan
kaanggangan....
Kamudi keur tatan-tatan
rek nurunkeun parahuna

Beber Layar tarik jangkar
Leong daratan ditilar
Matak waas matak kelar
ngambah lautan Cidamar
Nya haté bet samar-samar
Ras emut ka Sindangbarang
Parahuna ting suruwuk
Tingsuruwuk
Ngambang nganclang di sagara
Ngerab-ngerab bandérana

show more

Share/Embed