KIDUNG SAWER PANGANTEN SUNDA,Suanteuna Neng : SilviRisviani.
On Com Bandung On Com Bandung
1.27K subscribers
49,796 views
0

 Published On May 1, 2021

KIDUNG SAWER PANGANTEN SUNDA.
Suanteuna Neng : SilviRisviani

Nyukcruk galur nu kapungkur

Nutur lacak para wali ..
Nyambuang ka balarea ..
Titinggal ti nini aki
Ngawaris kabudayaan
Seni Sunda sawer asih


Neda Agung cukup lumur
Neda jembar panyaksami ..
Bilih aya kalepatan ..
Wireh ayeuna simkuring
Nyawer nu pangantenan
Nyanggakeun mugi ditampi

Ku hidep muga diturut
Pepeling tawis ka asih ..
Pigeusaneun hidep mulya
Ngarandapan laki rabi
Ngamudina rumah tangga
Sangkan panggih tengtrem ati

Ka Eulis puputon kalbu
Muga hidepon. .
Ngambah alam rumah tangga
Ka panutan sing gumati
Tuturkeun dunya aherat
Kitu kawajiban istri ..

Piwuruk sakitu
Catet dina sanubari ..
Kantun ieu pamegetna ..
Aduh Kasep deueuh teuing
Ieu piwulang tarima
Regepkeun ku sanubari

Kasep
mimiti diwuruk Dangukeun ku dua cepil mah ..
Simpen na manah nu jembar
A beda deui
Jaman hidep lalagasan
Teu aya anu meredih

Ti wangkid ieu kapayun
Asep kedah taki-taki ..
Nyubadanan kawajiban
Ngurus ngatur laki rabi
Anu kadada kaiga
Geusan Asep hirup mukti

Saur Rasulullah estu
Rejeki mah tetep muhit
Kawas arek hirup lana
Tapina kudu sabanding
Jeung ibadah nu tong pegat
Sing kawas ajal rek tepi

Apa nyawer teh sakitu
Mugia hidep anaking ..
Runtut raut sauyunan ..
Ka cai jadi saleuwi
Ka darat jadi salogak
Jauh bala'i parek rizki

Wur tawur jati rahayu
Rahayu manjing walagri ..
Dahup pikeun salawasna ..
Tinayungan Maha Suci
Ginanjar sapapaosna
Amin Ya Robbal Alamin.

#oncombandung
#kidungsawerpangantensunda

show more

Share/Embed